“Yang Terlupakan” lagu Iwan Fals maturan kuring ngadius kawétankeun.
Ninggalkeun hiji raga nu jangkung badag, nyuuh dina bangku taman,
ngagukguk ngabudalkeun cimata lalakina. Éndah, éndah kacida éta lagu
kapirengna.
“Nin, pasihan akang kasempetan geulis?” Pokna dina sela-sela inghak lalakina. Kuring cicing, geus pireu, rero, teuas ngabatu ieu haté alabatan beton.
“Nin, akang tos milari Anin, mangtaun-taun. Tapi Anin dimana atuh? Antukna akang sadrah kana pilihan nu janten sepuh, teu aya pilihan Nin” pokna. Kuring matung.
Bray lalakon welasan taun kararung, mangsa kuring nunggu ucap ti manéhna. Mangsa unggal poé ngalangeu di buruan nungguan jebulna. Mangsa na angkot nyakséni otélna pangantén anyar, hareupeun pisan. Teu! manéhna teu miroséa kuring nu nahan piceurikeun. Manéhna pura-pura teu wawuh. Kalah otél, silih simbeuh katresna.
Kiwari manéhna nyuuh. Ngan saukur hayang nyambungkeun tresna nu kungsi pegat. Nyambung asih nu katunda.
“Yang Terlupakan” diputer deui, laju digedéan “volume”na. Nyéh imut kuring, imut Anin nu caméwék.

Langganan:
Posting Komentar
(Atom)
0 comments:
Posting Komentar