
cekiiiiiiit, erém dijejek sataker tanaga. "Hayang paéh sia téh !" Kuring molotot.
Nu dina motor bati nyureng, bangun bingung.
Mobil laju ngageuleuyung dina "kecepatan" 30 km/jam. Asa tumaninah naker, angin ngahiliwir tina jandéla mobil nu muka. "Naha jandéla téh bet hésé ditutup?" gerentes haté kuring
Cekiiiiiiit, erém dijejek deui "Na satéh! sangeunahna ngerem!". Kuring kutuk gendeng. Rét kanu gigireun, nu seurina dipengkek, borondong nu keur ngeukeuweuk setir "Ibu sok nyandak kendaraan nyalira nya ?" ceuk supir angkot.
Rét kana leuengeun, horeng keur ngeukeuweuk tas.
Angkot ngadius ka dayeuhkeun. Karasa jempling, angin ngahiliwir ngusapan sirah.
"Mangga kulemkeun bu, hawatos tadi capé tas nyetir. kin digugahkeun upami tos dugi"
Kuring nyenghél bari peureum hayam.
Langganan:
Posting Komentar
(Atom)
0 comments:
Posting Komentar