Photo Gallery


Putih Kuncup Putih Berembun Tetesan Embun
Bil pembayaran dibuka, haté ngalenyap. Eusi dompét jauh tina pimahieun. Rét, kanu ngalelempréh pias. Teuing sabaraha gayung, getih nu geus diutahkeun. Rét ka si bungsu, nu nyengir bari ngarérétan jam. Haté nyeri asa diseuitan hinis. Beuteung sorangan gé ukur kararaban bacang sasiki jeung cikopi.
Budak surti, teu wani nanyakeun, iraha rék meuli sangu.
"Dina lapar?, di uwa sarapan naon bageur?"
"Teu acan bu, sarapan roti"
Gustiiii, haté ngajerit. Rét kana jam, geus jam tilu.
"Geura ngagaleuh sangu bageur"
"Tabuh satengah opat waé bu, supados wengi teu kedah mésér deui"
Kecap nu kuduna niiskeun pikir, kalah nambahan rajétna haté. Bray muka dompét, sor duit salambar lima puluh rébuan.
Satengah opat, budak giak meuli sangu. Teu kungsi saparapat jam, geus ngurunyung, ngajingjing kérésék. Bray kertas nasi dibuka, euisna sangu padang jeung kikil.
"Kasedep ibu, sok geura tuang" ceuk manéhna, bari muka bungkusan sanguna. Bréh, eusina sangu ditumpangan ceplok endog.
Riuk teu baroga duit atra dina roman maranéhna. Nunung duitna ledis dipaké ngoméan motor ladang nabrak. Ahuy pusing, batu ali nu keur dikeueuman can alakaran waé. Iméi, koleng néangan dana soping. Rika, kabéh béas sintétis diwarungna diringkid satpolpépé.
"Bagéan saha peuting ieu?" Ceuk Iméi.
"Uingeun!, béjaan carana?" Ahuy giak.
"Gampang, keueuman batu alina maké ti ragaji jeung sodah, tuluy keueum deui na ci infus sapeuting jeput. Sangkan kaluar duit, gosok maké jempol" Rika ngajéntrékeun.
"Tangtu duit lambaran beureum nu barijil?"
"Teu jauh, ngan enolna kurang tilu siki" Iméi mairan.
"Nya kajeun lah, asal unggal poé nagosokna. Sarébu, kali saratus, kali sabulan geus sabaraha?"
"Nyéta, ngan bisa malem jumaah"
"Baélah, sapeupeuting wéh ngagosokna"
"Diwates deuih, ngan ukur lima menit jang lima puluh kali ngagosok. Mun énté ngagosok, karék opat puluh salapan, tuluy waktuna béak, nu opat rébu salapan ratus ngelepot deui"
"Anjriiiiiit!! ingah, tarahal ngabayangkeuna gé"
"Nya keun wéh, apanan keur karoleng"
Kacipta lamun balik maké beus asé, kumplit toilét, bantal jeung pidiona. Tapi eusi dompét teu ngayun "imaginasi". Kapaksa naék gépé, pasesedek jeung tukang dagang katut kardus.
Eureuleuuu, selengseng gas ti gigireun. Rét, nini-nini keur ngahampleu leupeut jeung géhu, regot téh manis. Dibéré pamandangan kitu, cacing dina peujit, beuki kancolah, alabrug-abrugan ménta parab. Miharep diasongan leupeut, lebeng tepi ka kérésékna dirikeskeun.
"Géhu, géhu, géhu..., géhu a?"
"Aya, bandrék kang?"
"Aya, cuang calukan"
"Bandrek kang?"
"Aya uduk mang?"
"Aya, sakedap gé kadieu, ayeunamah bandrékna kang"
"Atos aya, aqua" Tukang bandrék ngaléos bari jamotrot.
"Peryogi uduk? Kumplit sambel kacangna" Awéwé tengah tuwuh ngasongkeun uduk. Haté teu téga, ngagawéan nu daragang, bari beuteung peurih. Tapi dalah dikumaha, eusi dompet ngan sapaseun ongkos.
"Aya pisa nyi?" Si nini gigireung.
"Nya moal diiderkeun pisamah nini!" Tukang uduk teugeug.
"Bérés urusan, mun tatadi nanyakeun pisa" Ceuk si nini, bari nambrukeun leupet jeung gorengan sakérésék dina lahunan.
Tanteu Tineu, dilandihna, nyeplés Sahrini. Kageulisanna, nu ngarobah nasibna jadi pamajikan ataseu.
Saméméh indit manéhna sok ngobrol jeung eunteung kameumeutna.
"Kumaha eike ayeuna? Si Tom pasti kagégéloan" Eunteung ngabetem.
"Si Jém, Héndri, jeung Éndru kotka peureum beunta, ngungudag hayang mindo" Eunteung satia ngabetem.
"Eike caw nya!"
Hummer bodas ngadius. Payus, mobil méwah disupiran widadari.
Gilek, bus ka hotél méwah. Dikamar 103, borondong bulé ucang anggé dina springbéd. Sasloki anggur mapaés nu kasép.
"So long béib! I can't hold out anymore"
"Be patient dear, how about your bos?"
"Don't worry, your husband will be bussy in a long time" Ceuk borondong bari ngagabrug.
Sabulan tiharita, hummer Si Tanteu cinenten. Nu bogana ngalempréh. Dina leungeunna mimiti rentung cénang campur getih.
Jung, Si Tanteu nangtung muru eunteng. Golépak, gebrug sirahna nenggel kana tuntung ranjang. Getih mancer. Nu dina eunteung nyikikik, awakna pinuh ku borok, susu rayud, létah ngélél, mata bolotot.
Ngan eunteung baturna nu satia. Sanajan teu bisa nyarita, eunteungna nu nyatet kabéh kahirupan nu geus kasorang. Enteungna nu ngélingan, lamun geus soak dina nyanghareupan pepedut hirup. Eunteungna nu teu bosen neuteup kageulisanna, geulis luar jero. Rét kana eunteung, kaciri aya udatan nambahan dina pipina. Tiap udatan, ngawakilan jalan peurih nu kungsi kasungsi.
Rémana ngaragamang kana eunteung, bray lalakon nu kungsi kaalaman, cékas dina eunteung. Kapeurih jeung kanyeri nu kungsi karandapan pating ronghéap. Tilu kali manéhna dinyenyeri, tilu kali manéhna ngarandapan hirup kawas budak. Setatus pamajikan robah jadi pembantu ngarangkep gundik.
Omongan nu pikanyerieun, ampir unggal usik nurihan haténa. Hayang manéhna hirup kawas nu lian, ngalaman rumah tangga nu tingtrim. Tapi dalah dikumaha, geus titis tulisna, kudu ngaliwatan jalan nu rumpil. Rét ka barudak nu talibra. Maranéhna keur meumeujeuhna butuh kanyaah tinu jadi bapa, berebey cimata masehan pipina. Rét kana eunteung, bréh, katumbiri ngembat, melengkung ka hiji taman sawarga.
Unggal balik gawé, Iroh diuk hareupeun eunteung titinggal indungna. Éta unteung kungsi dipaké uyutna.
Tiap ngeunteung, beungeut korodok, jadi leucir ngadaun seureuh. Irung nampelu jadi mancung kawas gunung gedé, biwir ipis, halis ngajepat hideung.
Lain saukur bisa nyulap beungeut. Éta eunteung ogé bisa jadi "provokator".
"Iroh! dengekeun kula!. Kabéh gé sirik ka manéh, pédah manéh geulis, loba lalaki sujud ka manéh. Tuturkeun omongan kula jeung eusi haté manéh!"
Nyéh Iroh seuri. Sumanget hasudna nu ampir peuray ku Rani, ngagugudag deui. Rét ka hiji poto nu gues raceb ku jarum pentul, gejros! jarum pentul kasumba nanceb lebah mata.
Peuting ngagayuh ka subuh. Muadzin réang patémbalan. Galindeng sora Rani nu keur ngaji di kamar sabeulah, kapireng halimpu nakeranan. Brah, eunteung peupeus burakrakan. Beungeut nu korodok, irung nu nampelu jeung biwir nu jeding, cékas kagambar dina tiap beubeulahan eunteung.
"Sia awéwé hasud tur sarakah Iroh! Sia awéwé bejad!" Beubeulahan eunteung pating gorowok patémbalan.


Saha nu teu wawuh ka Hérlambang anak pa Suma kuwu désa landeuh. Lamun artis mah, salas dua las jeung Raja Topas aktor “Bollywood” Kabéh awéwé di désa Landeuh, ti bolon tepi ka nini-nini, bakal hokcay lamun pareng amprok jeung Hérlambang. Cenah, kasépna Herlambang, ngala ka almarhumah indungna Radén Ajeng Mayang putra Radén Kartasuwirya Camat Peundeuy baheula.
Harita, basa aya kumpulan karang taruna, Hérlambang imut ka kuring tuluy nyampeurkeun. Manéhna nanya ngaran, padumukan jeung sajabana. Geus puguh nomer hapé, bé’bé’ém jeung pésbuk
Ampir tilu bulan, kuring geus ngararangsak haté kabéh awéwé kampung Landeuh. Jalan ka imah leuhleur ku Hérlambang, bari jeung rébo ku babawaan. Indung jeung bapa agul. Cenah Mimin baris dipileuleuheung ku Arjuna anak kuwu. Malah cenah, Hérlambang rék ngalamar bulan ieu kénéh.
Dina poé nu dijangjikeun. Kulawarga Hérlambang ngabring ka imah, ngiringkeun pa Suma nu gandang. Alam dunya nu poék mongkléng mébérkeun jangjangna, neureuy si Raja Topas
Apan manéhna geus nurihkeun hinis na jajantung! Harita lebah tanjakan ka Gunung Gedé, harita basa manéhna maskét ka Hanum. Apan harita basa manéhna ngasongkeun ci akua ka Hanum, basa nyusut késang Hanum. Apan hareupeun panon!!!. Rébuan kali éta ungkara réang patémbalan na uteuk. Tapi naha bet euwueh kakapok? Masih remen naléngténg ngeunaan manéhna, masih remen nga és’ém’és, ngainbok, bé’bé’ém jeung sajabana.
Bray, lalakon pondok nu kungsi kasorang ku kuring jeung manéhna. Mangsa munggaran tepung. Manéhna remen nénggorkeun imut, malengpengan ku rérét, ngeundeukkeun jajantung.
“Dupi salira timana?” hiji kasempetan, nu teu dipiceun, waktu pasarandog di pipir masisgit.
“Banjar, dupi akang?”
“Abdi ti Sumedang, manawi teu ka’abotan, kénging nyuhunkeun nomér hapé?” Pananya nu dianti. Pananya kuring nu kapegung ku géngsi awéwé.
Ngobrol teu kungsi kebat. Kaburu dicalukan ku ketua rombongan.
Gebeg haté ngagebeg, jantung ratug tutunggulan, basa rémana ngeupeul pigeulang, waktu meuntas jalan.
Bray Inbox. Puisi manéhna ngagéhéngkeun ungkara nu réang patémbalan.
Saha nu teu wawuh ka Hérlambang anak pa Suma kuwu désa landeuh. Lamun artis mah, salas dua las jeung Raja Topas aktor “Bollywood” Kabéh awéwé di désa Landeuh, ti bolon tepi ka nini-nini, bakal hokcay lamun pareng amprok jeung Hérlambang. Cenah, kasépna Herlambang, ngala ka almarhumah indungna Radén Ajeng Mayang putra Radén Kartasuwirya Camat Peundeuy baheula.
Harita, basa aya kumpulan karang taruna, Hérlambang imut ka kuring tuluy nyampeurkeun. Manéhna nanya ngaran, padumukan jeung sajabana. Geus puguh nomer hapé, bé’bé’ém jeung pésbuk
Ampir tilu bulan, kuring geus ngararangsak haté kabéh awéwé kampung Landeuh. Jalan ka imah leuhleur ku Hérlambang, bari jeung rébo ku babawaan. Indung jeung bapa agul. Cenah Mimin baris dipileuleuheung ku Arjuna anak kuwu. Malah cenah, Hérlambang rék ngalamar bulan ieu kénéh.
Dina poé nu dijangjikeun. Kulawarga Hérlambang ngabring ka imah, ngiringkeun pa Suma nu gandang. Alam dunya nu poék mongkléng mébérkeun jangjangna, neureuy si Raja Topas.
Apan manéhna geus nurihkeun hinis na jajantung! Harita lebah tanjakan ka Gunung Gedé, harita basa manéhna maskét ka Hanum. Apan harita basa manéhna ngasongkeun ci akua ka Hanum, basa nyusut késang Hanum. Apan hareupeun panon!!!. Rébuan kali éta ungkara réang patémbalan na uteuk. Tapi naha bet euwueh kakapok? Masih remen naléngténg ngeunaan manéhna, masih remen nga és’ém’és, ngainbok, bé’bé’ém jeung sajabana.
Bray, lalakon pondok nu kungsi kasorang ku kuring jeung manéhna. Mangsa munggaran tepung. Manéhna remen nénggorkeun imut, malengpengan ku rérét, ngeundeukkeun jajantung.
“Dupi salira timana?” hiji kasempetan, nu teu dipiceun, waktu pasarandog di pipir masisgit.
“Banjar, dupi akang?”
“Abdi ti Sumedang, manawi teu ka’abotan, kénging nyuhunkeun nomér hapé?” Pananya nu dianti. Pananya kuring nu kapegung ku géngsi awéwé.
Ngobrol teu kungsi kebat. Kaburu dicalukan ku ketua rombongan.
Gebeg haté ngagebeg, jantung ratug tutunggulan, basa rémana ngeupeul pigeulang, waktu meuntas jalan.
Bray Inbox. Puisi manéhna ngagéhéngkeun ungkara nu réang patémbalan.

Share

Label

Total Tayangan Halaman