Apan manéhna geus nurihkeun hinis na jajantung! Harita lebah tanjakan
ka Gunung Gedé, harita basa manéhna maskét ka Hanum. Apan harita basa
manéhna ngasongkeun ci akua ka Hanum, basa nyusut késang Hanum. Apan
hareupeun panon!!!. Rébuan kali éta ungkara réang patémbalan na uteuk.
Tapi naha bet euwueh kakapok? Masih remen naléngténg ngeunaan manéhna,
masih remen nga és’ém’és, ngainbok, bé’bé’ém jeung sajabana.
Bray, lalakon pondok nu kungsi kasorang ku kuring jeung manéhna.
Mangsa munggaran tepung. Manéhna remen nénggorkeun imut, malengpengan ku
rérét, ngeundeukkeun jajantung.
“Dupi salira timana?” hiji kasempetan, nu teu dipiceun, waktu pasarandog di pipir masisgit.
“Banjar, dupi akang?”
“Abdi ti Sumedang, manawi teu ka’abotan, kénging nyuhunkeun nomér hapé?” Pananya nu dianti. Pananya kuring nu kapegung ku géngsi awéwé.
Ngobrol teu kungsi kebat. Kaburu dicalukan ku ketua rombongan.
Gebeg haté ngagebeg, jantung ratug tutunggulan, basa rémana ngeupeul pigeulang, waktu meuntas jalan.

Bray Inbox. Puisi manéhna ngagéhéngkeun ungkara nu réang patémbalan.
Langganan:
Posting Komentar
(Atom)
0 comments:
Posting Komentar