
Bél tanda balik nongtoréng, barudak paheula-heula moro panto, kacipta nu diboro warung bi Encih nu ngan hiji-hijina diwewengkon sakola.
Isukna katinggali paroman barudak loba nu nguyung. Ngan si Enjay nu
katangén bérag naker, rangselna merekis, teuing naon boa eusina. “Barudak! kaluarkeun bahan jang kolaseu téa!” Barudak ngabigeu, ngan sababaraha urang nu ngaluarkeun kalayan daria.
“Kunaon ngaharuleng?”. “sé’épeun bu” Mimin ngawanikeun némbalan. “Beakeun kumaha Min?”. “Saur bi Encih tos aya nu ngaborong”. “Cing saha nu boga kertas warna jeung elem leuwih?”. “Abdi bu”. Si Enjay némbalan daria naker. “Alus, sok bagi babaturan nu teu bogaeun!”.
Hate curiga, basa si Enjay ngabagi-bagi elém jeung kertas warna ka babaturanna. Naha bet loba-loba teuing manehna mawa bahan jang kolaseu.
Kocéak si Ma’mun ngocéak, peureup si Enjay nyayang na cukang irungna. Duit kertas dua rébuan mancawura tina kérésék si Enjay.
“Enjaaaaaaay!!!”
“Kunaon ngaharuleng?”. “sé’épeun bu” Mimin ngawanikeun némbalan. “Beakeun kumaha Min?”. “Saur bi Encih tos aya nu ngaborong”. “Cing saha nu boga kertas warna jeung elem leuwih?”. “Abdi bu”. Si Enjay némbalan daria naker. “Alus, sok bagi babaturan nu teu bogaeun!”.
Hate curiga, basa si Enjay ngabagi-bagi elém jeung kertas warna ka babaturanna. Naha bet loba-loba teuing manehna mawa bahan jang kolaseu.
Kocéak si Ma’mun ngocéak, peureup si Enjay nyayang na cukang irungna. Duit kertas dua rébuan mancawura tina kérésék si Enjay.
“Enjaaaaaaay!!!”
“Tos bérés barudak?”
“Teu acaaan, Bu!” barudak ragem nembalan.“Kumaha ieu téh? Teu pira soal nu kitu. Waktuna dités hiji-hiji!”
Barudak ratug tutunggulan. Pangpangna Udin, beungeutna pias ngapas. Ngeleper, késangna renung ‘na tarang.
“Udin! Ari salapan dikali tilu sabaraha?”
“Tiluna aya salapan,” jawab Udin teu euleum-euleum.
“Ari tilu kali salapan!?”
“Salapanna aya tilu!”
“Enya jumlahna sabaraha?”
“Sumuhun, jumlahna éta-éta kénéh, Bu.”
“Enya éta-éta kénéh téh, sabaraha?” Bu Iceu nyereng.
“Teu cekap, Bu.”
“Naonna nu teu cukup?”
“Ramona kirang. Nambut nu Ibu, sakantenan dipangétangkeun.”
“Udiiiiiiiin..! Maju ka hareup. Nantung!”
Bray! panto kamar hotel muka. Musik instruméntalia, seungit parfum nu ngadalinding, jeung cahya remeng-remeng, nambah romantis suasana. Si Lenjang ngagolér nonggongan, lenggik camperenik, ngelemeng éndah lir siluét lukisan nu metot hasrat duriat.“Wios remeng-remeng nya, Om. Isin, ma’lum nembéan.”
“Sawios, malah karaos langkung romantis.”
“Oooom...!” sorana haroshos.
Serrr..nud! Ketug jajantungna ajol-ajolan. Ragamang leungeunna ngusap tonggong. Si Lenjang malik nangkeup.
“Hampura, Apa! Nia tos teu kiat nyaksian kapeurih Mamah!”
Bresss! Congo balati parat nembus jajantung.

“Nis, énjing Kang Engkos cios ka Jakarta, diajak damel ku Mang Uja,” pokna tilu bulan nu kaliwat.“Mang Uja supir mobil téngki téa, Kang?” Kuring negeskeun.
“Muhun,
Nis. Akang ditawaran ngenékan. Kasempetan saé, akang hoyong kukumpul
kanggé ngawujudkeun rencana urang,” Pokna daria, katara pameunteuna
pinuh ku pangharepan.
“Kaaang..,
asalkeun halal, Anis teu weléh ngarojong sareng ngadu’akeun. Mugia
akang kénging hasil, sareng pamaksadan urang tinekanan,” walon kuring
bari neuteup pinuh ku rasa reueus tur reugreug. Karasa kénéh teuteup
asih sareng usap deudeuhna.
“Niiiis,
hayu bisi kaburu sareupna, netepan maghribna diditu waé,” Ambu nyalukan
ngajak ka imah calon mitoha. “Mangga Maa..! Kedap badé nutupkeun
jandéla heula.” Sabot nutup jandéla, narik napas jero naker.
Dileupas...hhhhh..! Poé ieu nu katujuh, ti saprak kang Engkos mulang
dianteur ku ambulan
Langganan:
Postingan
(Atom)