“Tos bérés barudak?”
“Teu acaaan, Bu!” barudak ragem nembalan.“Kumaha ieu téh? Teu pira soal nu kitu. Waktuna dités hiji-hiji!”
Barudak ratug tutunggulan. Pangpangna Udin, beungeutna pias ngapas. Ngeleper, késangna renung ‘na tarang.
“Udin! Ari salapan dikali tilu sabaraha?”
“Tiluna aya salapan,” jawab Udin teu euleum-euleum.
“Ari tilu kali salapan!?”
“Salapanna aya tilu!”
“Enya jumlahna sabaraha?”
“Sumuhun, jumlahna éta-éta kénéh, Bu.”
“Enya éta-éta kénéh téh, sabaraha?” Bu Iceu nyereng.
“Teu cekap, Bu.”
“Naonna nu teu cukup?”
“Ramona kirang. Nambut nu Ibu, sakantenan dipangétangkeun.”
“Udiiiiiiiin..! Maju ka hareup. Nantung!”
Langganan:
Posting Komentar
(Atom)
0 comments:
Posting Komentar