Mobil
sédan pulas tosca eureun hareupeun toko kembang, barang ningali Arum,
murangkalih nganggé saragam TK nuju alak-ilik kana kembang. Kataji. Jrut
turun tina mobil. Nilik tina pakéanana katara éksékutip muda,
nyampeurkeun, “Adé badé mésér kembang, nya? kanggé saha? ”
“Muhun. Kanggé Mamah. Om,” walon Arum bari neuteup kanu nanya.“Sok atuh kantun milih,” ceuk si Lalaki. Arum ngeluk tungkul, “Artosna kirang,” pokna dareuda.
“Wios Om nu mayar.”
“Leres,Om?” Arum melong bangun cangcaya.
“Muhun, sok badé nu mana?” pokna bari ngaluarkjeun dompét.
Gap Arum milih eros bodas, “Haturnuhun, Om. Arum amitan, bade masihkeun kembang ka Mamah.”
“Sami-sami. Mangga.” Léos Arum indit ninggalkeun toko. Lantip. Mobil nuturkeun ti kaanggangan.
Di péngkolan tungtung perumahan, sup Arum ka tempat nu hieum. Pajaratan. Ngajanteng, laju deku dihiji makam. “Mah, nyanggakeun kembang eros bodas kameumeut mamah.” Nu nyérangkeun ti jero mobil, batinna ngahelas.

Dicutat tina cerita inspiratip

“Bila..!
Teu enging nyarios kitu ka Bu Guru. Buka geulis pantona!” Ceuk kuring
bari ngetrokkan panto jamban. Bu Yuni sagigireun, olohok teu ngarti.“Aliiim..! Bu Guru pediiit! Bila henteu dipasihan serat. Hu..u..u..!” Kareungeu Nabila eueuriheun.
“Bu Yuni, punten serat naon kitu, Bu? “ Kuring neuteup.
“Oh..! Serat tagihan SPP, Bu. Nu dipasihan khusus nu nunggak. Pan Nabila mah pan tos lunas.”
Bu Yuni ngajelaskeun perkara eusi surat.
“Kumaha upami didamelkeun serat-seratan supados Nabila rerep nangisna?”
“Mangga, Bu. Punten teu emut kadinya.”
Gutret Bu Guru nulis ucapan ‘terimakasih’, slup diamplopan. Golosor kana sesela handapeun panto.
“Nabila, tah ieu serat kanggé Nabila. Punten nya Bu Guru hilap.”
Kulutrak panto muka. Belenyéh Nabila seuri, bungah naker. Meunang surat ti Bu Guru.

Geus teu kaitung murubutna cimata, can kungsi saumur jeung manéhna ramo- ramona ngusap cimata, komo ménta hampura lamun geus ngawewejét ieu haté.
Hayang kuring lumpat jauh, moro talaga nu caina ngagenclang, ngiuhan dina linduhna tangkal caringin, hayang nurutan jigrahna lauk nu silih udag jeung baturna, bangun taya karudet, bangun lugina jeung guligah rasa. Hayang kuring boga jangjang kawas heulang ngapak langit susuruwukan luhureun méga bodas ninggalekun sagala karudet.

Tapi kuring manusa, lain lauk atawa manuk, kuring manusa nu kauger ku aturan hirup nu ka talian ku jangji, jangji ngaping titipan Illahi nepi ka punungtungan.
Ieu ramo mimiti ngusap pipi nu bareubeu tur juuh ku cimata, haté ngagerentes kana haté, “enung geulis, pék tamplokeun kabeh cimata, tuh bantal batur anjeun, tuh guguling neuteup satia nganti nampa cimata.
Gebrug awak satengah dibeubeutkeun kanu kasur, ceurik dipengkek ku bantal sangkan ngan ukur Alloh, kuring, jeung bantal nu ngadéngé

Matana nu buringhas bangun hana’ang ku getih, haus misahkeun raga tina jiwa nu masih tumaninah ngancik.
Rét kasabuderen rohangan nu méh suwung. Awak karasa beuki ngageter, jantung ratug tutunggulan, téténjoan mimiti ranyay nu antukna méakeun sésa tanaga ninggalkeun rasa pasrah, meureun ieu tungtung poe nu bakal kasorang. Rét ka buah cinta kuring jeung manéhna nu ngalantarankeun kuring teu sadrah kana papasten.
“Enung, sing teger jungjunan, ieu papasten nu kudu ditarima ku urang, keun da aya nu baris nuluykeun kahirupan urang kahareup nyaéta buah cinta urang” Kerewek manéhna ditéwak, gérését mata pakarang ampir nyapatkeun tikorona, taya sora nu kaluar sadrah geus ngalimpudan jiwana.
“Husen! Montong dipeuncit nu etamah euy! Anggur piara sing hade, baranahan loba endogna!”
Teuing sabaraha puteran ieu lagu ngelak na ceuli. Ras inget basa ngadat ka manéhna persis keur muter lagu ieu. Waktu meh neunggar wates tol oge persis keur muter lagu ieu. Tapi naha bét teu kapok ku lagu ieu téh? Naha bet pangangguran diputer deui?
Bray photo manéhna nu ngan sasiki-sikina dibuka, masih kitu, masih tiis, masih angkuh, masih pikasebeleun neueteup kajauhnakeun.
“Abdimah meni kaimpi-impi sono ka salira téh, naha salira teu sono?”. “Rasa mah teu kedah dikedalkeun, kantun lenyepan ku manah salira, na teu karaos kitu?” Eta kecap-kecapna waktu harita, basa manéhna remen nelepon, ngasms, remen ngaheureuyan mun pareng kuring keur loba karudet.
Nyaah manéhna teh ka kuring, deudueh komo, ngan kupikasebeleun atuh ari polahna, hésé ditebak, hésé diteuleuman haténa, pinter nyimpen rasa jeung kasono.
Pek wae kadinya, anjeun jeung dunya anjeun, da geus apal anjeun nyaah ka kuring, anjeun sok ngimpikeun kuring, sok sanajan anjeun pikasebeleun.
Pek wae kadinya, anjeun jeung dunya anjeun, da geus apal anjeun nyaah ka kuring, anjeun sok ngimpikeun kuring, sok sanajan anjeun pikasebeleun.

Uyuhan kitu téa mah asséssor daék meunteun évadir cacakan bangunan sakola rata jeung taneuh da keur rehab total.Ibu KS ngicepan. “Neng, akalan supados nilei na B, ieu waragadna”.
Reg mobil eureun hareupeun warung saté nu sohor. Sapasang aséssor anteng otel bari tingcaleuhak ngahampleu saté, sakapeung nyuruput sop kambing. Nya rék teu senang kumaha, dompét wedel beuteung metung.
‘Bu, ini kikilnya”. Kikil dicolok ku garpuh, naha bet liat, nyobaan dibetot angger teu obah. Bawaning lapar, tuluy digegel, “jeprét”.
“Saya pertimbangkan memberi nilai B+ untuk sekolah saudara”
“Saya pertimbangkan memberi nilai B+ untuk sekolah saudara”
Asa guludug teungah poe, kuring ngarérét kanu ngabedega, irungna lamokot ku kuah kikil, sapotong kikil nyangsang na kerah bajuna, sapotong deui nyenghél na sungut kuring nu keur olohok.
Geus béak kecap, geus parat nembus jajantung ieu kapeurih, geus saat cimata, geus tamat panghareupan. Témbok nu malang antara anjeun jeung kuring beuki wedel jeung kandel, luhur ngapak méga, moal katarékahan sok sanajan ku impian.
Bulan pias lungse ngagantung na lamunan, béntang tereb dina sagara harepan, langit kayas beuki pias, katumbiri hamo éndah sok sanajan girimis nyombo.
Kiwari tinggal lamunan, nungtun ka mangsa katukang, mangsa ligarna kembang dina taman haté, mangsa bulan purnama mapaés impian, mangsa katumbiri mayungan harepan, mangsa taman haté di pupusti, dijaga, disimbeuhan asih unggal waktu.
Deudeuh, sono, jeung kamelang diudar taya kendatna, teu kabayang bakal loba jungkrang, teu kaimpleng tembok wedel beuki kandel.
Kiwari anjeun cicing ngabetem nyumponan kahayang kaayaan. Anjeun jeung kanyeri enjeun, anjeun jeung kasono anjeun, anjeun jeung cinta, kamelang anjeun. Anjeun nyimpeun kapeurih jang anjeun.
“Ibu, tulungan Aga, Aga disaung bah Aum”
Hujan ngagebrét dibarung dordar gelap asa nyamberan haté. Motor ngabiur teu mikirkeun kaayaan, haté geus merenyeng hayang geura nepi ka saung bah Aum.
Hujan ngagebrét dibarung dordar gelap asa nyamberan haté. Motor ngabiur teu mikirkeun kaayaan, haté geus merenyeng hayang geura nepi ka saung bah Aum.
Beungeut budak ditetep teleb, kaciri aya kulit nu nyulikat dina pipina sarta sésa getih nu teu kasusut, dina leungeunna écés aya tapak biru. “Ibu, Aga teu lulus, nilai UAN Matematikana alit bu, Aga bodo ibu”. Awakna nu jibrug dirawu, kadenge sora beuteungna guguruwukan. Geus kabayang ieu budak tas nandangan siksaan ti kolotna. “Aga, sakur jalma boga pangabisa nu béda, budak kembar gé pasti béda pangabisana, ceuk saha Aga bodo? Kapan Aga juara hiji waktu lomba nyanyi? Naha nu kitu disebut bodo? “.
Selimut ditarik sangkan nuntupan awakna nu begang tur hideung, dina pipi nu raca tapak nyiwitan ngalembéréh cai mata generasi harepan bangsa nu geus dikakaya ku sistem pendidikan nagarana.
Naha ieu nu disebut PENDIDIKAN HUMANISME teh?

Leungeun nanggeuy gado percis PP kang Tatang Sumarsono, biwir manyun jiga PP Is Tuning nu keur udud. Surat tugas dibuka, écés ngaran kuring jeung tugasna. Bray muka wall FIKMIN bréh béwara ti kang Nana
Sukmana “Nyiar Lumar” acara nu baris dipedar ku penyair kahot kang Godi Suwarna nu geus tandang makalangan di Melbeurn.
Nongtoreng na ceuli léléwa ti kang Iwan Hanjuang, “éta nu gumeulis nu moal milumah, aya tugas ti PGRI, alesan lah”. “Téh, kupingkeun gerentes manah tétéh, wios sakali-kali teu dianggap profesional gé, pan seni teh jiwa tétéh” sora kang Oman Kusmana na tungtung telepon. Galau nérékél kana hulu angeun, tuluy mapay tikoro nembus embun-embunan, tungtungna ejrag ngarigel na sirah.
Inget kana daftar fikminer nu milu, aya téh Dewi, teh Itjeu Chairiani Ratna jeung kisobat... “téh Neni Geo Albanjari Im coming!!!”.
Inget kana daftar fikminer nu milu, aya téh Dewi, teh Itjeu Chairiani Ratna jeung kisobat... “téh Neni Geo Albanjari Im coming!!!”.
Posisi balik deui kawas PP kang Tatang Sumarsono, “Duh... milu tong nya?”
Salambar-salambar agenda nu geus mang taun-taun teu diguar mimiti diguar deui. Tiap lambar diimeutan, curuk nuturkeun tiap kecap nu ku anjeun kungsi dipedar, tiap lambar nyaritakeun geugeut, asih, sono, jeung kamelang anjeun. Unggal menit, poe, minggu, bulan jeung taun éstuning disimbehan asih nu beuki lila beuki ligar, sono jeung kamelang nu taya kendatna, kabéh ébréh na buku harian.
kaum hawa.
Rét kana cingcin nu meulit na jari manis. Cingcin nu hayang diudar, tapi moal bisa diudar.
Cimata beuki murubut masehan agénda. Agenda nu ngalalakonkeun endahna cinta kuring jeung manéhna.
Pa Rian, guru anyar di SPG kuring. Awak dedeg, rupa hadé, tur pinter. Saha awéwéna nu teu kabandang ku manéhna.
Unggal poe atra pamandangan nu matak ngageurih ati. Pa Rian nu kaimpikeun beurang peuting ngumbar kadeudeuh jeung Rida batur sabangku. Dikelas atawa di kantin pada ngébréhkeun kadeudeuh.
Matri na ingetan mangsa Rida meulitkeun lengeunnakana cangkéng pa Rian di sisi basisir, haté asa digeurihan, peurih parat nembus jajantung, kieu rasana bertepuk sebelah tangan.
Halimun beuki kandel méh mindingan dedegna awak pa Rian. Masih atra sora Rida dumareuda, “Nis, haté pa Rian ukur jang Nisa, sataun lain waktu saeutik jang Rida ngahontal haténa, Rida nyerah Nis”
“Pa...” ngan sakitu kecap nu medal tina biwir, halimun gunung maksa kuring jeung manéhna tereb na galurana rasa.
“Pa...” ngan sakitu kecap nu medal tina biwir, halimun gunung maksa kuring jeung manéhna tereb na galurana rasa.

"Lagu naon bu?""Pan manéh nu rék nyanyi!"
"Hoyong ibu naon?"
"Kumaha manéh wéh, sok pupuh naon nu bisa?"
"Nyo'o monyét nya bu?"
"Na aya kitu pupuh nu judulna nyo'o monyét?"
"Eta ning bu, aya warung téa"
"Balakbak atuh éta mah"
"Leres éta bu, nyanyi bu?"
"Der atuh silaing téh!, nu sejen geus keseleun nungguan!" Gap si Muha kana tungtung taplak, ngong nyanyi bari nyo’o tuntung taplak. "Aya waruuuung... Aya waruuuung... Aya waruuuung... Warung naon téh bu?" Si muha teu kebat nyanyina.
"Muha! Geus minggu hareup wéh manéh mah! Apalkeun nyo'o monyétna!!!"
"Alhamdulillah, Ya Alloh!" leungeun si Muha ranggah, neuteup lalangit kelas.
Manjing ka magrib, UAS karek bérés. Teu sirikna titatarajong lumpat moro angkot hayang geura ngalageday dina jok beus. Kalacat naék beus, gek diuk panghareupna. Karérét gigireun nu kasép unggeuk bari imut, Gustiiiiii!!! haté ngalenyap.
Imut si kasép teu bisa na’lukeun pitunduheun. Teuing ah, kumaha boa gaya kuring basa tibra, boa ngelay atawa kérék, paduli teuing!.
Lebah jébrod, gorowokna kénék ngageuingkeun. Gap kana béngbéng béréwék disoéhkeun, belewek disamualkeun, rét ka si kasép,
“béngbéng?”
“Mangga, lajeungkeun” manéhna imut.
Kop nyokot ciki, teuing ciki nanahaon boa, kedewek dirawu, sakedapan geus pasesedek na sungut, paheula-heula moro tikoro.
“Ciki?”
“Hatur nuhun, sing raos téh” si kasép kéom.
Habek kana léker jeung sukro. Kuring euleugeuk kabuhulan, sor si kasép ngasongkeun aqua, leguk leguk tandes tiluparapat botol.
“Teu barangtuang?”
“Pan sé’ép ku tétéh”

Rey beungeut beureum. Sigana kadaharan nu ditunda kunu dagang na lahunan di cokot deui pédah can dibayar. Haté ngagerentes “Piiiiiz Aaaaaah”
“Abang abri? Kalau begitu bukan abang yang aku cari”.
Ungkara anjeun dibold, dibeureuman jeung diunderline dina lelembutan. Tilu warsih kaliwat éndah lain babasaan. Unggal usik muka hapé ngan ukur hayang ngilikan sms anjeun. Éndah teu lana, musnah sapada harita basa mireungeuh anjeun ngudar sono di dumay jeung manéhna, basa anjeun kawas nu éra deukeut mangsa munggaran jonghok.
Sawarsih katukang, anjeun nangtung na mumunggang gunung, anteng neuteup layung nu hibar. Jilbab bungur tingkélébét katebak angin gunung. Rasa nu teu suda, komo sa’at kuwaktu, nyurung ramo ngadongkang taktak anjeun. Dada anjeun nu ngageter, pageuh rapet diteu’eulkeun kana dada. Cai mata nu murubut, nembus haté ngaburak-barik prasangka goréng.
Jilbab bungur ting kélébét katebak angin gunung, maturan léngkah anjeun nu daria dina galengan sawah. Imut jeung teuteup anjeun nu baheula ngan ukur kasungsi na poto, kiwari ligar na kongkolak mata.
Angin gunung mépéndé anjeun nu tumaninah dina lahunan. “Anggi, geuning basajan impian anjeun téh”.

“Bapa Juhé, mangga kalebet” sora perawat
Mang Juhé, nu sirahna dibengker asup ka rohangan pariksa.“Goring naon mang?”
“Numawi dokter ieu mastaka asa ditojosan rebuan jarum”
“Ho’oh... ho’oh... ho’oh”. Dr. Ito unggek-ungekan kawas nu ngarti.
“naon doi?”
“sareng patuangan asa murilit”
“Hé’éskon, rék diperiksa nya!”
Kalacat mang Juhé naék kana ranjang, laju dipariksa taliti naker
“Tah ieu ubar jang manéh” Tandesna.
“Kumaha ngaleueutna dokter?”
“Oh, hampang, anjing hiji, beurit hiji, jengker isuk”
Mang Juhé nampanan ubar, berebet lumpat moro kamar mandi. Sirahna nu jangar ngadadak cageur sanggeus akey-akeyan seuri.
Lebah panto kaluar pasangrok jeung ceu Icih. “Ceu, geura asup kaituh, tuh ditungguan, dijamin saméméh nginum ubar gé cageur mantén”.

“Snél koetsier, ik haten plaats die! Ik haten oorspronkelijke bevolking!” Bari ngadilak ka kuring. Carécét sutra pulas oranye dipaké nutupan irungna nu bangir.
Unggal poé, turun gunung unggah gunung, mamanggul bilik bari jeung teu hasil pamaksudan. Kitu deui nyi mojang, ilang teu kalangkang-kalangkangna acan. Pikir beuki katalikung, kabandang kunu lenjang. Balukarna pasukan kang Firman mindeng kadéséh ku kompeni.
“Manéh Junaédi?”
“Enya, saha ilaing?”
“Montong nyaho! Baca ieu!”
Tiharita, pasukan kang Firman kawas siluman. Teu kasusud ku kompeni, malah sabalikna.
“Junaedi” kang firman dareuda.
“Muhun kang?”
“Arabella”. Firman teu kebat nyarita. Song ngasongkeun carécét sutra pulas oranye nu lamokot getih.
Alam dunya ngadadak poék, les teu inget dibumi alam sanggeus maca sulaman na tungtung carécét. “Ik Hou Van Jou Junaedi”

“Tong ditaros”
“Piraku?”
”Muhun osok da. Ni teu percanten ih!’
”Aya acara naon waé ka puncak ?”
“Seueur acara mah. Suting gé sering dipuncak mah..”"Kutan?"
“Muhun”
“Suting naon?"
“Sinetron, sakapeung pilem”
“Kutan ? Sinetron naon waé?”
“Ah, seueur”
“Stasiun tipina atuh! Stasiun naon?”
“Duka, teu apal”
“Har... émangna maén sinétron naon?”
"Saha téh ?"
"Muhun, Akang!"
"Ah, Akang mah can kungsi ngiring suting"
“Euuuh, ari bieu nyarios naon ?"
"Muhun suting, apan sering aya nu suting di puncak mah"
"Jadi saha nu sok suting téh atuh ?"
“Duka”
“Ari Akang kantos ka puncak?”
“Duka, da.hilap”
"Euuuuh!"
Beletak, Botol aqua nenggel na tarangna.
Langganan:
Postingan
(Atom)
Share
Arsip Blog
-
▼
2013
(21)
-
▼
November
(17)
- Fikmin :Kembang Kahatur Mamah
- Fikmin :Alim Di Bédakeun
- Fikmin :Alloh, Kuring Jeung Bantal
- Fikmin :Pati Na Peuting Katompernakeun
- Fikmin :Pikasebeleun
- Fikmin :B+
- Fikmin :Anjeun Jeung Kanyeri Anjeun
- Fikmin : Pendidikan Humanisme
- Fikmin :Galau
- Fikmin :Juuh Cimata Na Agenda
- Fikmin :Mangsa Halimun Nyimbutan
- Fikmin :Pupuh Nyo'o Monyet
- Fikmin :Piz Ah
- Fikmin :Anggi
- Fikmin :Pasén Munggaran
- Fikmin :Ik Hou Van Jou Junaédi
- Fikmin :Duka
-
▼
November
(17)